Rabu, 26 Maret 2014

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ Tak ada manusia Yang terlahir sempurna Jangan kau sesali Segala yang telah terjadi Kita pasti pernah Dapatkan cobaan yang berat Seakan hidup ini Tak ada artinya lagi Reff 1: Syukuri apa yang ada Hidup adalah anugerah Tetap jalkani hidup ini Melakukan yang terbaik Back to Reff 1 Reff 2: Tuhan pasti kan menunjukkan Kebesaran dan kuasanya Bagi hambanya yang sabar Dan tak kenal Putus asa. " Inget kerwaktu gering kuringmah sok nyetel lagu ieu.Hiji mangsa kuring nyeri ceuli bengkak sabeulah anu katuhu suganteh bisul ari pek teh lain,kuring gancang ka Dokter Umum berobat ngan euweuh parobahan,angger kalah leuwih nyeri tur nyeri na teu katulungan,akhirna kuring maksaken ka Dokter spesialis THT,kurang leuwih lima Dokter anu ku kuring di datangan,Salila dahar obat ti Dotker,panyakit kuring teu pati nyeri,ngan lamun geus beak obat nyeri na kambuh jeng teu katahan lamun geus karasa,angger gening ueweuh parobahan kalah micenan duit nu puguhmah,bakating ku geus aral jeung pasrah kana panyakit,kuring menta izin ka pamajikan jeng mitoha rek balik ka Tasik bisi Umur kuring moal lila,cek hate kuring:bisi nepika maotna hayang dikubur ngajejer jeng kuburana indung jeng bapa.nya kuring dijajapken ku pamajikan balik katasik,ges nepi katasik pamajikan kuringmah balik deui ka cirebon,kusabab boga kasibukan nyaeta dadagangan.menang opat poe ditasik obat geus beak,nya kapaksa kuring dipariksa deui ka Doter THT,ngan aneh kacida ngadenge Dokter mutusken,yen panyakit kuring anu dina celi kudu dioprasi besar,nyaeta tempatna kudu di sakit teubisa di imah Dokter kusabab alatna teu kumplit,atuh puguh kuring bingung nu teu manggih tungtung,naha waktu kuring berobat di cirebon Dokter teu ngabejaan,teu apalen kitu....?cek gerentes hate kuring ngocoblak sorangan.geus kitu Dokter mere obat salila opat poe'eun bari nitah di ronsen(dipoto meren maksudnamah).haha...lamun geus beak obat datang deui kadieu bari bawa hasil ronsenan.Gancangna carita kuring datang deui ka Dokter bari mawa hasil ronsenan.Kaputusan Dokter anggeur teu robah emang enya kudu dioprasi dirumah sakit,ngdenge kaputusan Dokter kuring waktu harita ngan saukur bisa pasrah sumerah ka Gusti anu Maha Suci,salamet syukur teu salmet oge teu naon naon,ngan kuring aya panasaran nanya ka Dokter,,,,Dok! gimana kalau saya gak mw dioprasi?... Dokter;Gpp gak mw juga cuma penyakit kamu kemungkinan gak bakalan sembuh dan bisa mengakibatkan kematian,dikarenakan panyakit ini namanya ABSES,dalam arti kata pengeroposan tulang belakang,nanti nya masuk ke otak dan kejang kejang,kamu salama sakit tulang punggung kamu suka terasa linu gak?...iya Dok.ges kitu Dokter nyarita deui rek dimana cenah dioprasina,rek ditasik atwa di cirebon?..cirebon Dok jawab kuring,kusabab Alamat kuring deus jadi warga cirebon.Dokter ngagutrut nulis nyieun surat pengantar ker Dokter nu aya dirumah sakit Umum Gunung Jati cirebon.gancangna deui carita kuring geus asup ka ruang inap salila dalapan poe,teu langsung dioprasi cenah kudu lengit heula kanyerina sehat awakna,nu maturan kuring dirumah sakit timimiti nepika ahir salila 2minggu nyaeta lancek kuring nu di ciamis awewe, ngarana Aas Laelasari,hahay bangga.kurang leuwih 9 jam kuring aya diruang oprasi eta oge ceuk lancek,kusabab kuringmah geus teu apal nanaon alias dibius.Alhamdulillah salamet nepika ayeuna masih keneh dipasihan umur panjang ku Gusti Alloh subhaanahu wata'ala........!#permios. qq

0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda