Minggu, 10 Agustus 2014

Di ‎[Facebook] Aya Grup Sunda! Dina paguneman di eta group, seueur pisan katampi istilah Kasundaan nu di posting ku anggota Group. Aya nami-nami tuangeun khas Sunda, Kaulinan, Kasenian, pokonamah sakur budaya sapopoe nu jadi kabiasaan jeung hirup di urang Sunda tapi geus lila nyingray tina pamikiran jeung kehirupan urang Sunda sorangan. Loba barudak ayeuna nu tangtuna geus paroho teu arapal kana istilah-istilah atawa budaya Sunda sorangan. Aya hiji nu matak jadi ngeunah seuri dina eta group, ciri nu matak jadi bukti jeung matak suka ning ati, Urang Sunda memang resep heureuy jeung cawokah. Cawokah teh ngandung harti kecap-kecap heureuy nu rada nyerempet kana urusan jorang. Tapi lain jorang nu saujratna komo buligir mah bahasana. Urang Sunda mah cawokah tapi cukup ku bungkusan jeung pulasan babasaan nu matak ngarti maksudna tapi heureuy jeung seuri maksud tujuanana mah. Cawokah memang salah sahiji kabiasaan heureuy nu aya di urang Sunda. Eta jadi lalab dina sakur gunem catur dimana wae kumpulna urang Sunda. Naha eta mah di saung sawah bari ningalikeun nu macul, atawa ngarambet gacong, di pos ronda bari gapleh atawa catur, dina pagempungan lembur sarupaning tahlil atawa kumpulan lembur. Eta teh lumayan jadi ragi jeung patri nu ngajaga silaturrahmi jeung duduluran di lingkungan urang Sunda. Hiji koncina Cawokah lain hartina Jorang. :) ;)

Rabu, 16 Juli 2014

Wadi Nasib Bengkel | Abew Jawa Barat | @Wadi_35716 | وادي هدايت ˡᶤᶬᶤᵗᵉᵈ ᵉᵈᶤᵗᶤᵒᶰ ;)

Minggu, 29 Juni 2014

PENYESALAN DIRI..!Suatu malam pandangilah dirimu, apa yang bisa di perbuat tatkala diri sudah tidak bisa melakukan apa-apa…??? Memandang diri di saat gelapnya malam penuh dengan derain air mata yang tak mampu mengembalikan waktu yang sempat tertinggal di masa lalu. Keterpurukan diri terkadang menghantui di saat mengingat dosa yang tak pernah bisa di tebus hanya dengan menangis tanpa berbuat apa-apa. Akankah diri masih bisa kembali menghadap sang pencipta..??? Begitu banyak permasalahan yang di hadapi tak satupun bisa di lalui dengan baik, mungkinkah semua ini adalah karma untuk diri yang selalu memikirkan diri sendiri tanpa memikirkan sang pencipta. Indahnya dunia hanyalah sebuah panggung sendiwara belaka untuk kita jadikan tontonan dan mengambil hikmah dari apa yang di tampakkan tuhan untuk melangkah lebih maju. Malam yang penuh derain air mata ini akanselalu menjadi saksi hidup bagi manusia yang mau berfikir tentang kekuasaan-Nya. Di malam mini, marilah kita berfikir sejenak tetang kehidupan yang bisa mumpuni diri untuk menjadi lebih baik dari sebelumnya. Pahit dan manisnya hidup yang di lalui akan terasa di saat pengakuan diri kepada sang kholik bisa tercurahkan, mencari dan terus berusaha adalah senjata utama manusia untuk menjadi insane yang berlumuran ketakutan dan rasa rindu kepada sang pencipta alam semesta… Air mata saja tidak bisa menghapus dosa seorang hamba sebelum benar-benar kembali dan mau berubah. Hari-hari yang di lalui akan menjadi indah ketika rasa cinta yang di miliki manusia tercurahkan untuk tuhan. Tangisan malam sangat berharga, dimana semua orang masih tertidur pulas saat itu, munajat dari hamba kepada tuhan akan terasa pada malam yang indah dengan mengadukan semua permasalahan yang sedang kita hadapi. Genangan air mata malam itu terasa sekali ketika munajat yang dilakukan dengan bersungguh-sungguh. Aku hanya ingin kembali ke pangkuanmu ya robbi… Ampunilah dosa-dosaku, jauhkanlah diri ini dari hal-hal yang akan menjauhkanku dari sisimu. Hamba rindu dengan cintamu, bimbinglah hamba ke jalanmu, tunjukkanlah jalan untukku hingga kau menjadikanku orang-orang terpilih menjadi hamba yang bertaqwa…. آَمِيّـٍـِـنْ يَآ رَ بَّلْ آلٌعَآلَمِِيِ

Minggu, 15 Juni 2014

:) CARITAAN KURING :) waktu keur budak, lamun usum medar langlayangan, tas balik sakola agama kuring sok biasa moro langlayangan anu lepas balas diadu jeung nulian,mun beunang sok dijual ka pamuda anu butuheun,dina hiji mangsa aya langlayangan lepas terus ku kuring diboro paheula heula nepi jeung batur,ngan hanjakal langlayangan nu ku kuring diboro nyangsang dina tangkal kadongdong luhur pisan,kusabab langlayanganana alus tur keretasna oge bahana tina keretas wajit,kapaksa ku kuring ditaekan sangkan kapimilik,geus naek kaluhur tangkal oge kuring turun deui kusabab teu kahontal kudu dibantuan ku panyoer,kuring kokotetengan neangan gantar anu rada panjang,ngan,,pas ngaliwat kagigireun dapuran tangkal cau,sareretan kuring ningali aya loket plastik anu warna na koneng merkna golkar.:) ku kuring dicokot trus dirawatan diasupkeun kana jeuro pesak calana,gancangna carita langlayangan geus kapimilik,kuring balik,disatengahing jalan eta loket dibuka susuganan aya eusian,breh katemong aya duit galabag salembar anu jumlahna sapuluh rebu gambar Kartini mun teu salahmah,mun salah?..bae da poho deui atuh.waktu jaman kuring kersakola esde kelas hiji mah asa can pernah ningali duit sakitu the,beukeul sakola oge ku kolot ngan saukur dibere saratus perak sapoe.kuring bingung rek dikumahakeun ieu duit gede pisan,rek dijajankeun kabeh sieun diwadalkeun,bisi tengah peting aya jalma jangkung gede numpak kuda ngajemput kuring rek dibawa kalayan maksa,ceunah nu kitu disebutna wadal,ceuk kuring waktu harita.>=) kusabab sieun satuluyna duit anu nang pamanggih tea dibikeun ka bibi kuring,tah isukana kuring ku bibi dibere duit anu jumlahna saratus perak,ceunah duit anu sapuluh rebu dibagi bagikeun ka barudak anu sapantar jeung kuring boh lalaki atawa awewe. Teing beuneur jeung heunteunamah Wallohu a'lam bimurodih...!mun ayeunamah manggihna moal dibikeun ka bibi,rek dijajankeun kabeh,bae peting aya nu ngajemput oge,rek ditanya heula samemeh dibawa,seug kuring dibawa asal disadiakeun awewe nu rupana siga Luna maya.hahayy...#ngahayal =D

Jumat, 13 Juni 2014

★ PÉPÉLING ★ Yakin, Ramadhan teh bulan latihan ngadalian nafsu sarakah, awuntah, sangkan hirup ka hareup teu ngarep-ngarep teuing kabeungharan anu can puguh, lir ngudag-ngudag kalangkang heulang anu pamohalan beunang, rumaos : - Isuk-isuk sok miharep sugan beurang kakayaan datang - Beurang sok miharep sugan sore kabeungharan kabandang - Sore sok miharep sugan peuting kadunyaan kasorang Kitu jeung kitu baé, béak isuk, béak beurang, béak soré, béak peuting, anu diarep-arep angger ngalelep. Mémang, babagian hirup teh lir gilinding, sakapeung dihandap nyungsep, sakapeung di luhur nanjung (jatuh bangun) وتلك الأيام نداولها بين الناس Hartosna :”Jeung poé-poé kitu téh ku kami dipili gentikeun diantara manusa” Tapi pan urang kudu tumarima kana babagian séwang-séwangan. Kangjeng Nabi tos ngawanti-wanti, lobakeun éling kana papasten pati anu tos pasti. Palawargi kabeungharan mah can tangtu najan pikeun urang citangtu, tapi pati tos pasti kalebet keur urang Cijapati. أكثروا ذكر هاذم اللذات يعني الموت “lobakeun éling kana perkara anu megatkeun kanikmatan, nyaéta maot”

Selasa, 20 Mei 2014

Carita Waktu Kuring Keur Di Bandung...! Dina hiji tontonan layar tanceb,kuring papanggih jeng awewe trus ku kuring diajak kenalan nya daeukeun,anu ngarana (Nani) ngan eumungeun disebut Nani,ceunah keuheul ku laguna kang Doel Sumbang.:) kuring jeng manehna uplek ngobrol ngaler ngidul,anu ujung ujungna kuring ngedalkeun kacinta ka manehna,nya manehna narima kana kacinta kuring,sing horeng karek putus jeng kabogohna anyar keneh. teu ieuh diperhatikeun pilemnamah,geus parat pilemna kuring balik ka kontrakan.:) tiwaktu harita kuring lamun malem minggu mineng apel ka imah manehna,kadang sok dibawa jalan" mun keur nyekel duit,da teu bebas atuh bobogohan di harepen imahnamah,kurang jeng leuwih kuring jeng si Nani hubungan ngan saukur 3bulan,kaburu pegat ditengah jalan,kieu kajadian putusnamah!"dina waktu malem minggu hujan ngaririncik kuring apel,ngan teu kasampak awewenamah,keur ulin ka imah babaturanana anu sa pagawean,nu aya Indung jeng Bapana,singkatna Bapa jeng Indungna negeskeun niat kuring ka anakna,naha maksudna iseng,atawa nu sabeuneurna rek miharep ka anakna?...."si Nani jeng kuring beda sataun heula manehna,matak pantes Bapana nanya ka kuring,kusabab geus meujeuhna pikeun awewemah beda jeung lalaki.:) ku kuring dijawab!"niatmah anu sabeuneurna ngan kuring can sanggup ari ngajak terehmah,rumasa kuringna resep keneh ulin. tisaprak ngadenge ucapan kitu,meren sigana Indung Bapana wadul ka anakna,dina hiji poe aya pertunjukan 17Agustusan nyaeta sok biasa lamun geus datang waktuna bulan agustus satiap kampung sok ngayakeun raramean mangrupa bazzar,tari tarian,jeng panggung dangdut atawa band. Tas magrib kuring nyampeurkeun ka imah si Nani,nga teu kasampak,nanya ka kolotnamah ceunah geus mangkat tiheula jeng baturna anu sarua awewe,nya kuring kapaksa mangkat sorangan ka tempat raramean,anu waktu haritamah grup dangdutanu tampilna. Keurjongjon kuring maen alung geulang kana tutup botol anu hadiahna rokok,saleretan si Nani katingali keur leumpang jeung lalaki anu waktu harita mah can apal yen eta lalaki the kabogohna anu tiheula,kuring jol timuruan jeung nafsu,maklum getih ngora.:) samemeh grup band tampil,kuring asup heula ka warung kanu sok jualan minuman anu ngandung alkohol,beak sabotol kusorangan Topi Miring(tomi),katambahan deuih panggih jeung babaturan anu mere obat(nipam ngarana waktu haritamah),geus kitu kuring joged satakeur keubeuk lain bungah tapi ngaleungitkeun nafsu timuru ka awewe,naha atuh dasar pangaruh obat sigana joged kuring teu kakontrol akhirna kuring ditewak ku kaamanan setempat,trus kuring direujeung dibawa ka tukangen bari nu ngageubugan tisisi tigigir,nya harita kuring dialung boyongkeun ku kaamanan digebug tiditu digebug ti dieu,nyeri mah heunteu ngan karasa wungkul,teu wani ngalawan atuh da dihurup loba,teu lila aya nu datang batur kuring anu mere obat tea,trus kuring diamankeun jeung ulah sina joged deui ceunah.keurcicing sigana si Nani apaleun kuring dibawa ku kaamanan,nyapeurkeun bari nanya semu karunyaeun ka kuring,teeus manehna balaka ka kuring yen kabogoh nu tiheulana ngajakan balikan deui...:( tah sakitu lalampahan kuring waktu keur ngora.:D

Selasa, 22 April 2014

★ stts hamba ★ "Kudu dibiasakeun urang salila hirup di alam dunya mungpung ngora keneh,nyaeta ngalakonan sholat anu lima waktu. Sababna!"eta mangrupakeun hiji kawajiban urang syukuran ka gusti Alloh swt,lamun geus ngabiasakeun ngalakonan kawajiban sholat,urang bakal ngarasa boga katenangan hate sanajan urang hirup aya dina serba kakurangan,kasusah,kabingung,kasedih jeng kasangsaraan. kuring contohna lain batur ieumah. lamun kuring hirup dina kaayaan serba cukup can tangtu inget tur daek ngalakonan sholat,angot sholatna di masjidmah,sabab geus loba kabuktian masjidna lega nu sholatna saetik,terutama dina waktu sholat isya,kusabab nu beungharmah tempat sholat geus nyadiakeun di imahna husus paragi sholat,meh teu cape kaluar tur bisa gancang deui sholatna likum likum leos.ah ceunah aya paribasa kieu:(hirup aink kumaha aink,sia tong pipilueun kana kahirupan aink)etamah bhs heureuy.lamun urang ngabahas eta kecap ku pamikiran anu serius atuh kunaon aya firman Alloh anu nitah nyonto kan laku lampah rosul Alloh swt, Nabi urang Muhammad saw....matak kuringmah geus rumasa untung hirup sanajan aya dina kasangsaraan,teu ieuh mikiran susah jeng sedih atawa bingung da laku lampah hirupmah dijieun ku sorangan,contohna: nu umum weh ieumah nganjuk motor,ceuk kaayaan urang moal sanggup nyicilna,deur maksakeun jadi serba bingung rek nyantey teu bisa sibuk teing digawe cape,atawa kieu:ah kuring rek merantau ka kalimantan ceunah bayaranana gede di leumburmah sapoe 30rebu,di kalimantanmah 100rebu,teu dipikir heula yen di kalimantanteh kumaha kaayaanana matak betah heunteu jeng resiko sapopoena mahal atawa murah?....tah ieumah conto keur kahirupan, rek disusahkeun susah,rek disenangkeun oge senang kumaha ceuk hate jeng pamikiran urang,aya pribasa! sing asak nya ngejo bisi tutung bobokona.hahahaha #ngawur. Geus heula anan ah cape tur geus peting deuih.:) jam 22.45 wib