⌣»̶·̵̭̌·̵̭̌✽̤̥̈̊☀̤̈ gerentes hate ☀̤̈̇✽̤̥̈̊·̵̭̌·̵̭̌«̶⌣ :(>:O.Sok rudet haté sakapeungmah lamun kuring geus usaha aya jalma ngahutang,kana pagawéan atawa onderdil,da lain hiji dua atuh nu ngahutangna,leheng mun teu lila mayarna,kadang sampè nipika poho kuringna ogé,yén éta jalma boga hutang trus mayar,aya oge nu ngahaja teu mayar,tara ditagih ieuh kuringmah antepken weh,lain teuwani nagih tapi tara tégaan kuringmah,mayar heug heunteu kajen,da lain ker kuring ieuh dosana oge.Ker tiheula mah sok dicatet ku kuring dina hp kalah bosen nyatetna,ayeunamah tara dicatet ieuh hoream nyatetna oge.Ngan samemeh kuring ambeuk jeng pusing sok dilenyepan heula,matak loba nu ngahutang oge meren étatéh ujian atwa hukum karma ka kuring pedah waktu baheula rumasa kuring sok ngahutang ka warung sok poho mayar.:D=D=)).Ngan kuring mah tara wadul ieuh kabatur atwa ka kulawarga sok tambah pusing,trus sipat kuring mah tara ieuh loba wadul,teu mangfaat,mening curhat di bloger kuringmah.Jeng kuring sadar sorangan,leheng kénéh kuringmah nu hutangna rebuan atawa puluhan,sok tingali batur,nu ngahutang kanu boga toko atwa ka perusahaan jutaan.Tah kuringmah sok tentrem hate téh lamun geus kitu,jadi laas nu tadina pusing jeng ambeuk,ken nuboga hutang di ikhlasken ku kuring bae teu mayar oge ridho itung itung sodaqoh weh,sugan atuh ku gusti Alloh sing digantian milik kuring ku nuleuwih loba tur barokah. آَمِيّـٍـِـنْ يَآ رَ بَّلْ آلٌعَآلَمِِيِ

0 Komentar:
Posting Komentar
Berlangganan Posting Komentar [Atom]
<< Beranda