Selasa, 08 April 2014

★ CARITA KAHIRUPAN II NEMU JODO ★ "Taun 2004 bulan maret kuring gawe bangunan,satiap tas gawe kuring sok nangkring jeng batur sapagawean di harepen bangunan anu ku kuring ker di pigawe,pas pisan sisi jalan anu pentaseuna aya warung nu boga warungna awewe katurunan Arab,duka KW sabaraha Arabna mah.Ngan di sidik" loba pisan warga cirebon di kampung ieu katurunan Arab.Atuh puguh awewe turunan Arab mah gareulis ari kakara nempo mah,ku kalilaan mah sarua awewe arab oge biasa umum jeng urang Indo.ker nangkring jeng batur gawe,sok aya nu liwat unggal poe jam 5sore, hiji awewe satengah baya,ku kuring teu dihuitan ieuh da sieun bogaeun salaki,ngan mun tas maghrib sok temong ulin ka warung,ari pek teh babaturan nu boga warung,tuluy dina hiji poe manehna jeng nu boga warung anu ngarana (Neneng) jarajan baso,ku kuring digupayan ti kajauhan,katingalieun ku manehna,sigana ngomongken ka c Neneng saha cenah jalma tadi nu gugupay meni PD (percaya diri).isukna nu boga warung nanya ka kuring:Wadi!maneh gugupay ka si Uliah kunaon bogoh?...cek kuring:nya Neng,,,,,bejaken salam kituh nya,emangna can bogaeun salaki Neng?...acan masih gadis jeng kosong can aya nu bogaeun,kuring atoh sugan weh daeken ku kuring rek diheureuyan.singkatna carita kuring jadian jeng simanehna,ngan lamun apel malem ahad tara wani ka jero imah,diuk duaan dina bale harepen imah simanehna.Sakali waktu sok rajen ku kuring diajak jalan" kamana we nupenting mah kaluar supaya kuring jeng simanehna bisa....prikitiww!!!! :):D=D=)).Dina hiji poe malem ahad kuring apel ka imah simanehna sok sanajan hujan ngaririncik kuring maksa ieuh kusabab deukeut imahna jeng tempat pagwean,kira" 100m.ngan waktu kuring ngetok panto bari uluk salam nu kaluar lain simanehna tapi indungna,geus dibuka panto kuring nanya ka indungna:"Bu!!Uliah nya ada(ngaran simanehna)?...teu aya jang,paling oge nuju ameng ka bumina Neneng...gerentes hate!gening bisaeun bhs sunda,da anakna mah teubisaeun....Cek indungna:mangga kalebet jang,wios teu aya uliahna oge,pedah hujan panginten disangka na ujang moal sumping, urang ngobrol sareng ibu jeng bapana dilebet geura.Kuring rewas jeng sieun bisi indungna nanya kana masalah hubungan kuring jeng anakna. ngan teuwani nolak kapaksa kuring asup ka jero imah,kasampak dijero imah bapana jeng adi"na Uliah,ngumpul sakulawarga nu euweuh teh simanehna wungkul......BERSAMBUNG DEUI.┼┼u ┼┼u ┼┼u ┼┼u ┼┼u ┼┼u ┼┼u.

0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda