★ stts hamba ★ "Kudu dibiasakeun urang salila hirup di alam dunya mungpung ngora keneh,nyaeta ngalakonan sholat anu lima waktu. Sababna!"eta mangrupakeun hiji kawajiban urang syukuran ka gusti Alloh swt,lamun geus ngabiasakeun ngalakonan kawajiban sholat,urang bakal ngarasa boga katenangan hate sanajan urang hirup aya dina serba kakurangan,kasusah,kabingung,kasedih jeng kasangsaraan. kuring contohna lain batur ieumah. lamun kuring hirup dina kaayaan serba cukup can tangtu inget tur daek ngalakonan sholat,angot sholatna di masjidmah,sabab geus loba kabuktian masjidna lega nu sholatna saetik,terutama dina waktu sholat isya,kusabab nu beungharmah tempat sholat geus nyadiakeun di imahna husus paragi sholat,meh teu cape kaluar tur bisa gancang deui sholatna likum likum leos.ah ceunah aya paribasa kieu:(hirup aink kumaha aink,sia tong pipilueun kana kahirupan aink)etamah bhs heureuy.lamun urang ngabahas eta kecap ku pamikiran anu serius atuh kunaon aya firman Alloh anu nitah nyonto kan laku lampah rosul Alloh swt, Nabi urang Muhammad saw....matak kuringmah geus rumasa untung hirup sanajan aya dina kasangsaraan,teu ieuh mikiran susah jeng sedih atawa bingung da laku lampah hirupmah dijieun ku sorangan,contohna: nu umum weh ieumah nganjuk motor,ceuk kaayaan urang moal sanggup nyicilna,deur maksakeun jadi serba bingung rek nyantey teu bisa sibuk teing digawe cape,atawa kieu:ah kuring rek merantau ka kalimantan ceunah bayaranana gede di leumburmah sapoe 30rebu,di kalimantanmah 100rebu,teu dipikir heula yen di kalimantanteh kumaha kaayaanana matak betah heunteu jeng resiko sapopoena mahal atawa murah?....tah ieumah conto keur kahirupan, rek disusahkeun susah,rek disenangkeun oge senang kumaha ceuk hate jeng pamikiran urang,aya pribasa! sing asak nya ngejo bisi tutung bobokona.hahahaha #ngawur. Geus heula anan ah cape tur geus peting deuih.:) jam 22.45 wib
★ CARITA KAHIRUPAN II NEMU JODO ★ "Taun 2004 bulan maret kuring gawe bangunan,satiap tas gawe kuring sok nangkring jeng batur sapagawean di harepen bangunan anu ku kuring ker di pigawe,pas pisan sisi jalan anu pentaseuna aya warung nu boga warungna awewe katurunan Arab,duka KW sabaraha Arabna mah.Ngan di sidik" loba pisan warga cirebon di kampung ieu katurunan Arab.Atuh puguh awewe turunan Arab mah gareulis ari kakara nempo mah,ku kalilaan mah sarua awewe arab oge biasa umum jeng urang Indo.ker nangkring jeng batur gawe,sok aya nu liwat unggal poe jam 5sore, hiji awewe satengah baya,ku kuring teu dihuitan ieuh da sieun bogaeun salaki,ngan mun tas maghrib sok temong ulin ka warung,ari pek teh babaturan nu boga warung,tuluy dina hiji poe manehna jeng nu boga warung anu ngarana (Neneng) jarajan baso,ku kuring digupayan ti kajauhan,katingalieun ku manehna,sigana ngomongken ka c Neneng saha cenah jalma tadi nu gugupay meni PD (percaya diri).isukna nu boga warung nanya ka kuring:Wadi!maneh gugupay ka si Uliah kunaon bogoh?...cek kuring:nya Neng,,,,,bejaken salam kituh nya,emangna can bogaeun salaki Neng?...acan masih gadis jeng kosong can aya nu bogaeun,kuring atoh sugan weh daeken ku kuring rek diheureuyan.singkatna carita kuring jadian jeng simanehna,ngan lamun apel malem ahad tara wani ka jero imah,diuk duaan dina bale harepen imah simanehna.Sakali waktu sok rajen ku kuring diajak jalan" kamana we nupenting mah kaluar supaya kuring jeng simanehna bisa....prikitiww!!!! :):D=D=)).Dina hiji poe malem ahad kuring apel ka imah simanehna sok sanajan hujan ngaririncik kuring maksa ieuh kusabab deukeut imahna jeng tempat pagwean,kira" 100m.ngan waktu kuring ngetok panto bari uluk salam nu kaluar lain simanehna tapi indungna,geus dibuka panto kuring nanya ka indungna:"Bu!!Uliah nya ada(ngaran simanehna)?...teu aya jang,paling oge nuju ameng ka bumina Neneng...gerentes hate!gening bisaeun bhs sunda,da anakna mah teubisaeun....Cek indungna:mangga kalebet jang,wios teu aya uliahna oge,pedah hujan panginten disangka na ujang moal sumping, urang ngobrol sareng ibu jeng bapana dilebet geura.Kuring rewas jeng sieun bisi indungna nanya kana masalah hubungan kuring jeng anakna. ngan teuwani nolak kapaksa kuring asup ka jero imah,kasampak dijero imah bapana jeng adi"na Uliah,ngumpul sakulawarga nu euweuh teh simanehna wungkul......BERSAMBUNG DEUI.┼┼u ┼┼u ┼┼u ┼┼u ┼┼u ┼┼u ┼┼u.
★CARITA KAHIRUPAN ★ "taun 1995 kuring dijurungken indit nyaba ka bandung milu jeng salakina lacek kuring nu awewe.kuring ngamimitian nyaba kabandung digawe di pabtik suasta,kaluar gawe ti bandung taun 2002 kusabab bangkrut,ngan salila gawe dibandung kuring sok rajen milu gawe jeng batur lamun aya nu ngajak,samemeh pindah gawe,kuring sok bebeja heula ka dunungan supaya lamun teu betah bisa balik deui gawe.salasa hijina tempat anu ku kuring dianjangan nyaeta:Cianjur=kana bengkel motor ngan teu junun kaburu bosen_+1taun.Jakarta pasar tanah abang=dagang bubur ayam,ngan teulila kaburu geuring_+3bulan.Jakata rawamangun=kana bangunan teulila kusabab cape_+1bulam.Tangerang=dagang di kios,teu betah pindah kana tambal ban_+1taun.Purwokerto=mebeul kusen,teu betah hese cai mun ker usum halodo_+1set taun.2003kuring nganggur katurug turug kolot duanana maot,nya kapaksa kuring milu gawe kana bangunan jeng Mamang,awalna di kopo Bandung utara,tuluy pindah kaCirebon......BERSAMBUNG ┼┼e.┼┼e.┼┼e.┼┼e.┼┼e.┼┼e.┼┼e.
º°°º Berikan yang terbaik untukNya º°°º Seorang ayah bertanya kepada anaknya : Ayah : Nak, apa kamu sayang Ayah?” Anak : Tentu saja aku sayang Ayah” Ayahnya tersenyum lalu bertanya, “Kalau begitu, boleh Ayah minta kalungmu?” Anak : Ayah, aku sayang Ayah, tapi aku juga sayang sama kalung ini” Ayah : Ya sudah tidak apa-apa, Ayah hanya bertanya saja” Si ayah lalu pergi. Malam berikutnya selama 3 hari berturut-turut, ayahnya menanyakan hal yang sama dan si anakpun menjawab dengan kata-kata yang sama. Si anak berpikir sambil memegang kalung imitasi kesayangannya itu, “Kenapa tiba-tiba Ayah mau kalung ini? Ini kalung yang paling aku sayangi, kalung inipun pemberian Ayah juga” Malam berikutnya, sang Ayah menanyakan hal yang sama, lalu si anak berkata, “Ayah, Ayah tahu aku sayang sama Ayah dan juga kalung ini. Tapi kalau Ayah mau kalung ini, ya sudah aku berikan ke Ayah” Si anak memberikan kalungnya dan Ayahnya mengambilnya dengan tangan kiri, lalu Ayahnya memasukkan tangan kanannya ke saku kanan dan mengambil kalung berbentuk sama namun emas asli. Ayahnya mengenakannya pada leher anaknya, “Anakku, sebetulnya kalung ini sudah ada di saku Ayah sejak pertama kali Ayah meminta kalungmu, tapi Ayah menunggu kamu memberikan sendiri kalungmu itu dan Ayah gantikan dengan yang lebih baik dan indah” Si anak menangis terharu. Seringkali kita merasa ALLAH tidak adil. Dia yang memberikan tapi kenapa Dia juga yang mengambilnya, kadang kita selalu sakit hati, sedih dan kecewa, tapi tidakkah kita tahu, di saat ALLAH mengambil sesuatu yang berharga dari kita, ternyata ALLAH punya rencana lain. Dia mau menggantikannya dengan yang LEBIH BAIK lagi dari apa yang sudah kita miliki sekarang.
⌣»̶·̵̭̌·̵̭̌✽̤̥̈̊☀̤̈ gerentes hate ☀̤̈̇✽̤̥̈̊·̵̭̌·̵̭̌«̶⌣ :(>:O.Sok rudet haté sakapeungmah lamun kuring geus usaha aya jalma ngahutang,kana pagawéan atawa onderdil,da lain hiji dua atuh nu ngahutangna,leheng mun teu lila mayarna,kadang sampè nipika poho kuringna ogé,yén éta jalma boga hutang trus mayar,aya oge nu ngahaja teu mayar,tara ditagih ieuh kuringmah antepken weh,lain teuwani nagih tapi tara tégaan kuringmah,mayar heug heunteu kajen,da lain ker kuring ieuh dosana oge.Ker tiheula mah sok dicatet ku kuring dina hp kalah bosen nyatetna,ayeunamah tara dicatet ieuh hoream nyatetna oge.Ngan samemeh kuring ambeuk jeng pusing sok dilenyepan heula,matak loba nu ngahutang oge meren étatéh ujian atwa hukum karma ka kuring pedah waktu baheula rumasa kuring sok ngahutang ka warung sok poho mayar.:D=D=)).Ngan kuring mah tara wadul ieuh kabatur atwa ka kulawarga sok tambah pusing,trus sipat kuring mah tara ieuh loba wadul,teu mangfaat,mening curhat di bloger kuringmah.Jeng kuring sadar sorangan,leheng kénéh kuringmah nu hutangna rebuan atawa puluhan,sok tingali batur,nu ngahutang kanu boga toko atwa ka perusahaan jutaan.Tah kuringmah sok tentrem hate téh lamun geus kitu,jadi laas nu tadina pusing jeng ambeuk,ken nuboga hutang di ikhlasken ku kuring bae teu mayar oge ridho itung itung sodaqoh weh,sugan atuh ku gusti Alloh sing digantian milik kuring ku nuleuwih loba tur barokah. آَمِيّـٍـِـنْ يَآ رَ بَّلْ آلٌعَآلَمِِيِ